foto-profil
SELAMAT DATANG DI WEBSITE SDN 1 CIRANGKONG

Jumat, 09 Maret 2018

Dongeng Lutung Kasarung

Assalamualaikum WR.Wb.
Sampurasun ….. Kumaha Palawargi daramang ? Nuhun upami damang mah
Wasta Abdi Yuni Fauziah, bade ngadongeng carita Lutung Kasarung.
Girang pangajen anu ku sim kuring dipihormat, bapa, Ibu, oge rerencaangan anu dimulyakeun. Kumaha bade ngadarangukeun ….?? Keprok heula atuh ameh teu tiiseun !
Kieu dongengna teh
Baheula di tatar pasundan aya hiji kerajaan anu dipimpin ku hiji raja jenenganana Prabu Tapak Agung, raja adil tur wijaksana. Anjeuna ngagaduhan 2 putra, mung istri hungkul, nu kahiji Purbararang, nu kadua mah Purbasari.
Tapi hanjakal eta raja teh tos sepuh kacida, anjeuna tos teu kiat mimpin karajaan. Nya ngutus we putrana nu kadua nyaeta Purbasari pikeun mimpin karajaan.
Purbararang ngarasa sirik, tapi anjeuna teu ningalikeun kakeuheulna ka adina. Kalah menta tulung ka nini sihir, yen Purbsari sina jadi rodek awakna. Kacaritakeun Purbasari ngarasa aneh, awakna jadi totol-totol harideung. Saatos kitu, purbararang nyarios di kerajaan.
“Moal enya Ratu awakna pikagilaeun, jaba pinuh ku rodek, Patih.. patih kadieu..! tingali ratu kitu, piceun purbasari ka leuweung, teu pantes aya di karaton” tapi ari ka Purbasari mah manehna mapatahan, kieu pokna “Purbasari anjeun sing tabah, urang nuju diuji ku Gusti Alloh, wayahna anjeun kudu ngungsi heula ka leuweung.
“Hatur nuhun raka purbararang” ceuk Purbasari bari ceurik
    Aduh gusti anu maha suci
    Sim abdi rumaos
    Matak abdi diusir ka leuweung
    Rehna abdi, awak jadi kieu
    Yuhunkeun pitulung
    Abdi ka hyang Agung
Kacaritakeun Purbasari di leuweungna , aya nu nyaaheun nyaeta hiji lutung nu kacida hideungna namina Lutung Kasarung, malihan mah saatos patepang sareng Purbasari terus nyobat, lutung eta teh tiasa nyieun hiji talaga alit, buktos yen eta lutung sanes lutung samanea.  Teras Purbasari dipiwarang ancrub kana eta talaga,  Aneh.. saparantos Pubasari mandi dina eta talaga, totol-totol hideung nu aya dina sakujur awakna ngaleungit, jangelek   jadi geulis deui sapertos kapungkur, lutung nu hideung oge jangelek wae jadi hiji jajaka anu kacida kasepna.
Kacarioskeun dina hiji kasempetan Purbararang jorojoy aya niat bade ngalayad ka Purbasari. Sadugina kaleuweung, Purbararang kacida hookeunana “Ke.. Naha Purbasari mani geulis jeng dibarengan ku jajaka nu kasep deuih”
Kacarioskeun Purbararang ahirna ngaku kana kasalahanana, anjeuna langsung nyuuh menta panghampura ka Purbasari sangkan teu dihukum. “ Purbasari hapunten raka tos hianat ka anjeun, sakali deui hapunten raka, ayeuna karajaaan pek cepeng ku anjeun”
Ahirna karajaan dipimpin deui ku purbasari sareng Lutung Kasarung.
Tah kitu caritana lalakon Lutung Kasarung
Kasimpulanana tina carita nembe urang dicandak hikmahna anu kalintang ageungna, yen kalakuan syirik teh teu aya manfaatna.
Sakitu anu kapihatur
Wassalamualaikum WR.WB.

1 komentar: