foto-profil
SELAMAT DATANG DI WEBSITE SDN 1 CIRANGKONG

Jumat, 14 Oktober 2016

PATURAY TINEUNG KELAS VI 2015/2016

Wanci janari dina mangsa jirim hiji jalma niat lunta pikeun lalampahan. Harita aya ilapat hawar-hawar mawa béja yén bakal aya budak culun tuturubun muru rusuh,  mapay béja ngajugjug laku nemonan médan pangharepan. Barang bray beurang dibarung ku lingsirna panonpoé hidep sadaya nyondong sono ka kancah élmu, di dieu dina genep taun ka katukang hidep datang angkaribung dijajap ku pido’a sepuh, dijiad ku jampe ema. Nyidik-nyidik ti katebihan, nyawang-nyawang ti kaanggangan, singhoréng  si  manahoréng.  Lain  meureun  lain  sugan,  lain  cénah  harita  hidep  ngalaman  pisan.
Ngalalanyahan hirup anggang tina panalinga kolot, ngajorag lampah dina kancah atikan sareng didikan. Sangkan tinemu jeung kadéwasaan katut kamandirian. Geusan ngabukti jadi jalmi anu sugih ku pangarti, anu kaya ku pangabisa. Ku cara kolot hidep ngajurung laku, ngahiyap lampah pikeun lunta ka ieu sakola. Sabab kolot hidep ngarasa inggis ku bisa rémpan ku basa. Sanggeus niténan ku harénghéngna zaman, jalma-jalma dina ngupah ngipayah geus henteu muntang kana papagon agama jeung darigama. Numatak sakitu kaayaan kolot hidep dina lampah nyakolakeun hidep sadaya, ngabélaan anu jadi anak lain ku ladang rizki sésa, tapi ladang rizki maksa. 
Keur  meujeuh  sekar  gumbira,  suka  bungah  wawanohan.  Beuki  layeut  beuki  geugeut, pameunteu anu marahmay kiwari kedah paturay. Baeu hidep anak Bapa, anak Ibu. Sakedapan Bapa asmaning  Dewan Guru sadaya SD Negeri 1 Cirangkong seja nyimpaykeun rasa kanyaah,  seja nyangreudkeun tawis katineung. Saméméh hidep undur tina lahunan, saméméh ingkah tina kanyaah, saméméh lésot tina pangkonan aya saeutik amanat pikeun nganteur ludeung kanu rék ngambah sagara kahirupan, ka anu  rék  ngadayung  labuh  pamaksudan.  Sanajan  haté  Bapa  kalih  Ibu  sadaya  ngarasa  beurat ngalésotkeun tali kasono, ngaguarkeun rasa kanyaah. Sabab wangkit kiwari hidep sadaya geus dianggap bagéan  tina  hirup  Bapa  kalih  Ibu.
 Asa  kamari  urang  babarengan,  asa  kamari  urang  sukan-sukan ngabudalkeun  rasa kahéman,  ngagolontorkeun  rasa  kasono.  Tapi  kiwari  saméméh  hidep miang  ti SD Negeri 1 Cirangkong, ingkah ti sakola aya sababaraha amanat anu perelu ku Bapa didugikeun :
1.       Mihapé kuatan kaimanan jeung kaislaman, élmu pangaweruh anu geus kacangking ku hidep sadaya sing mangfaat mapat salamet dugi ka akhérat. Masing inget hirup jalma béda jeung sato. Sato mah paéh  ngan sauukur bilatungan. Tapi jalma mun maot salianti bilatungan  ogé aya balitungan. 
2.       Aya katerangan “birrul walidain” dina harti sing béma ka ibu rama, sing hadé tata hadé basa, hadé tagog hade gogog. Montong nganyenyeri indung jeung bapa. Sabab Indung téh tunggul rahayu, Bapa téh tangkal darajat. Suprih pidu’a jeung karidoanana. Ridlo Allah aya dina ridlo ibu rama, bendu Alloh aya dina bendu ibu rama. Mun kabogoh aya urutna, lamun salaki atawa pamajikan aya urutna, tapi ibu rama moal aya urutna. Salila ibu rama hidep nungtun dina jalan anu luyu jeung ajaran agama, wajib diturutna.   
3.       Hidep sadaya anu karasép anu gareulis, poma sing gawé handap asor ka sasama, di luhur langit masih kénéh aya langit. Teu aya jalma anu panggagahna di alam dunya. Harga diri hiji jalma mungguh pandangan Alloh dumasar kana takwa jeung budi perkertina, lain karana pangkat, turunan, kakayaan atawa rupana. Wujudkeun diri hidep téh masing jadi jalma anu lébar manah jembar hampura ka balaréa. Moal hina jalma anu méré hampura ka batur, atawa nu miheulaan ménta hampura.
4.       Kudu tetep ngaku kanu jadi guru, sabab teu aya istilah urut guru. Lain pédah hayang didama-dama  atawa  diajén  jeung  dipihormat,  tapi  supaya  hidep  tinemu  jeung  kabarokahan  jeung mangfaatna élmu ogé ngabalukarkeun hasil nu mucekil dina ganjaran amalna.
5.       Dina milampah seunggahna kahirupan, poma hidep tong loba teuing kahariwang anu tatagenan kapapada jalma, harta, jeung tahta, sadaya-daya puntangkeun diri ka Nu Maha Kawasa, asal urang takwa ka Anjeuna maka yakin Allah bakal méré jalan kaluar tina sagala kabutuh hirup urang.
Sakitu amanat ti Bapa kalih Ibu guru sadaya, minangka tawis kaasih, tanda kanyaah keur hidep sadaya anu rék lunta.Cag, dugi kadieu. Geus heubeul urang babarengan. Lain bosen pédah laasna mangsa, lain teu hayang urang hirup babarengan. Tapi kiwari niti wanci nu mustari, cunduk waktu nu rahayu, inggang mangsa nu utama. Wayahna hidep sadaya kedah lunta ti ieu sakola, kedah lugay tina pangkonan, lumungsur tina lahunan. Geura bral miang pikeun ngambah bajuang tandang makalangan, ngahontal cita-cita, ngajug-jug tujuan hirup. Jalan anu bakal dipilampah masih ampah, tuh tinggali ku hidep, teuteup ku manah anu seukeut hareupanen hirup hidep geus ngagupayan, nganti-nganti ti kamari kiwari tinggal prakna.
Pamungkas, dina salami genep  taun urang babarengan tinangtu Bapa/Ibu guru salaku jalma biasa. Tinangtu jadi tunggul kaluluputan, jadi tampat kelelepatan. Aya ucap anu nyelap, aya panyacad anu nyugak, aya lampah paripolah anu teu merenah mugia tong ngbalukarkeun kana peupeusna gelas kanyaah, nu ngajadi beling karungsing, mantak nyugak kana mamaras manah, anu rungseb kana angen, pondokna mantak jadi orok panjangna mantak jadi anak. Dosa perdosa Bapa/Ibu guru sadaya mugia hidep sadaya tiasa ngahampura. Sabalikna sagala kasalahan jeung dosa hidep ka Bapa/Ibu guru dina danget ieu clik putih jatining bersih clak herang jatining padang, balumbang timur caang bulan opat welas, jalan geudé sasapuan. Jembar manah ngahampura ka hidep sadaya.  Teu hilap, tina harta banda hidep oge tinangtos ka para Bapa/Ibu sepuh murid anu sami rawuh, mugia sagala waragad biaya anu diinfakkeun ka sakola ieu Bapa/Ibu sadaya tiasa ngaridokeun sareng ngahalalkeun. Ogé manawi aya ti sim kuring anu katuang/ kamangfaatkeun ku Bapa/Ibu sadaya sim kuring ngahalalkeun sareng garidokeun pisan.

Pamungkas, dugikeun salam baktos Bapa kalih Ibu sadaya ka wargi-wargi hidep di lembur. Bejakeun naon rupa kamulus rahayuan ieu sakola, rahasiahkeun kakurangan ieu sakola. Kalawan iraha baé jeung di mana baé antawis hidep sareng kulawarga besar Kalangsari ibarat hiji raga badan anu silih pikanyaah silih pikaasih. 












0 komentar:

Posting Komentar