Wanci janari
dina mangsa jirim hiji jalma niat lunta pikeun lalampahan. Harita aya ilapat
hawar-hawar mawa béja yén bakal aya budak culun tuturubun muru rusuh, mapay béja ngajugjug laku nemonan médan
pangharepan. Barang bray beurang dibarung ku lingsirna panonpoé hidep sadaya
nyondong sono ka kancah élmu, di dieu dina genep taun ka katukang hidep datang
angkaribung dijajap ku pido’a sepuh, dijiad ku jampe ema. Nyidik-nyidik ti
katebihan, nyawang-nyawang ti kaanggangan, singhoréng si
manahoréng. Lain meureun
lain sugan, lain
cénah harita hidep
ngalaman pisan.
Ngalalanyahan
hirup anggang tina panalinga kolot, ngajorag lampah dina kancah atikan sareng
didikan. Sangkan tinemu jeung kadéwasaan katut kamandirian. Geusan ngabukti
jadi jalmi anu sugih ku pangarti, anu kaya ku pangabisa. Ku cara kolot hidep
ngajurung laku, ngahiyap lampah pikeun lunta ka ieu sakola. Sabab kolot hidep
ngarasa inggis ku bisa rémpan ku basa. Sanggeus niténan ku harénghéngna zaman,
jalma-jalma dina ngupah ngipayah geus henteu muntang kana papagon agama jeung
darigama. Numatak sakitu kaayaan kolot hidep dina lampah nyakolakeun hidep
sadaya, ngabélaan anu jadi anak lain ku ladang rizki sésa, tapi ladang rizki
maksa.
Keur meujeuh
sekar gumbira, suka
bungah wawanohan. Beuki
layeut beuki geugeut, pameunteu anu marahmay kiwari kedah
paturay. Baeu hidep anak Bapa, anak Ibu. Sakedapan Bapa asmaning Dewan Guru sadaya SD Negeri 1 Cirangkong seja
nyimpaykeun rasa kanyaah, seja
nyangreudkeun tawis katineung. Saméméh hidep undur tina lahunan, saméméh ingkah
tina kanyaah, saméméh lésot tina pangkonan aya saeutik amanat pikeun nganteur
ludeung kanu rék ngambah sagara kahirupan, ka anu rék
ngadayung labuh pamaksudan.
Sanajan haté Bapa
kalih Ibu sadaya
ngarasa beurat ngalésotkeun tali
kasono, ngaguarkeun rasa kanyaah. Sabab wangkit kiwari hidep sadaya geus
dianggap bagéan tina hirup
Bapa kalih Ibu.
Asa
kamari urang babarengan,
asa kamari urang
sukan-sukan ngabudalkeun rasa
kahéman, ngagolontorkeun rasa
kasono. Tapi kiwari
saméméh hidep miang ti SD Negeri 1 Cirangkong, ingkah ti sakola
aya sababaraha amanat anu perelu ku Bapa didugikeun :
1. Mihapé
kuatan kaimanan jeung kaislaman, élmu pangaweruh anu geus kacangking ku hidep
sadaya sing mangfaat mapat salamet dugi ka akhérat. Masing inget hirup jalma
béda jeung sato. Sato mah paéh ngan
sauukur bilatungan. Tapi jalma mun maot salianti bilatungan ogé aya balitungan.
2. Aya
katerangan “birrul walidain” dina harti sing béma ka ibu rama, sing hadé tata
hadé basa, hadé tagog hade gogog. Montong nganyenyeri indung jeung bapa. Sabab
Indung téh tunggul rahayu, Bapa téh tangkal darajat. Suprih pidu’a jeung
karidoanana. Ridlo Allah aya dina ridlo ibu rama, bendu Alloh aya dina bendu
ibu rama. Mun kabogoh aya urutna, lamun salaki atawa pamajikan aya urutna, tapi
ibu rama moal aya urutna. Salila ibu rama hidep nungtun dina jalan anu luyu
jeung ajaran agama, wajib diturutna.
3. Hidep
sadaya anu karasép anu gareulis, poma sing gawé handap asor ka sasama, di luhur
langit masih kénéh aya langit. Teu aya jalma anu panggagahna di alam dunya.
Harga diri hiji jalma mungguh pandangan Alloh dumasar kana takwa jeung budi
perkertina, lain karana pangkat, turunan, kakayaan atawa rupana. Wujudkeun diri
hidep téh masing jadi jalma anu lébar manah jembar hampura ka balaréa. Moal
hina jalma anu méré hampura ka batur, atawa nu miheulaan ménta hampura.
4. Kudu
tetep ngaku kanu jadi guru, sabab teu aya istilah urut guru. Lain pédah hayang
didama-dama atawa diajén
jeung dipihormat, tapi
supaya hidep tinemu
jeung kabarokahan jeung mangfaatna élmu ogé ngabalukarkeun
hasil nu mucekil dina ganjaran amalna.
5. Dina
milampah seunggahna kahirupan, poma hidep tong loba teuing kahariwang anu tatagenan
kapapada jalma, harta, jeung tahta, sadaya-daya puntangkeun diri ka Nu Maha
Kawasa, asal urang takwa ka Anjeuna maka yakin Allah bakal méré jalan kaluar
tina sagala kabutuh hirup urang.
Sakitu amanat
ti Bapa kalih Ibu guru sadaya, minangka tawis kaasih, tanda kanyaah keur hidep
sadaya anu rék lunta.Cag, dugi kadieu. Geus heubeul urang babarengan. Lain
bosen pédah laasna mangsa, lain teu hayang urang hirup babarengan. Tapi kiwari
niti wanci nu mustari, cunduk waktu nu rahayu, inggang mangsa nu utama. Wayahna
hidep sadaya kedah lunta ti ieu sakola, kedah lugay tina pangkonan, lumungsur
tina lahunan. Geura bral miang pikeun ngambah bajuang tandang makalangan,
ngahontal cita-cita, ngajug-jug tujuan hirup. Jalan anu bakal dipilampah masih
ampah, tuh tinggali ku hidep, teuteup ku manah anu seukeut hareupanen hirup
hidep geus ngagupayan, nganti-nganti ti kamari kiwari tinggal prakna.
Pamungkas,
dina salami genep taun urang babarengan
tinangtu Bapa/Ibu guru salaku jalma biasa. Tinangtu jadi tunggul kaluluputan,
jadi tampat kelelepatan. Aya ucap anu nyelap, aya panyacad anu nyugak, aya
lampah paripolah anu teu merenah mugia tong ngbalukarkeun kana peupeusna gelas
kanyaah, nu ngajadi beling karungsing, mantak nyugak kana mamaras manah, anu
rungseb kana angen, pondokna mantak jadi orok panjangna mantak jadi anak. Dosa
perdosa Bapa/Ibu guru sadaya mugia hidep sadaya tiasa ngahampura. Sabalikna
sagala kasalahan jeung dosa hidep ka Bapa/Ibu guru dina danget ieu clik putih
jatining bersih clak herang jatining padang, balumbang timur caang bulan opat
welas, jalan geudé sasapuan. Jembar manah ngahampura ka hidep sadaya. Teu hilap, tina harta banda hidep oge
tinangtos ka para Bapa/Ibu sepuh murid anu sami rawuh, mugia sagala waragad
biaya anu diinfakkeun ka sakola ieu Bapa/Ibu sadaya tiasa ngaridokeun sareng
ngahalalkeun. Ogé manawi aya ti sim kuring anu katuang/ kamangfaatkeun ku
Bapa/Ibu sadaya sim kuring ngahalalkeun sareng garidokeun pisan.
Pamungkas,
dugikeun salam baktos Bapa kalih Ibu sadaya ka wargi-wargi hidep di lembur.
Bejakeun naon rupa kamulus rahayuan ieu sakola, rahasiahkeun kakurangan ieu
sakola. Kalawan iraha baé jeung di mana baé antawis hidep sareng kulawarga
besar Kalangsari ibarat hiji raga badan anu silih pikanyaah silih pikaasih.